Pancen Bahasa Sunda
Nganalisis Novel Sunda
‘Ochank’
Karya : Tatang Sudarsono
Kelompok
:
Rida
Alvi Rizkiana
Nadilla
Chitra F
Dewi
Juliani
N.
Denti Darlianti
IX A
SEKOLAH
MENENGAH PERTAMA NEGERI 13 TASIKMALAYA
Jalan.Letjen
Ibrahim Adjie Km.02 Tasikmalaya
Ngaanalisis
Novel Sunda “Ochank”
1)
Palaku jeung Watak :
·
Ochank :
Someah,pinter,rajin,bageur,berehan
·
Ninon :
Bageur,perhatian,berehan,timburuan
·
Hendra : Satia kawan
·
Marty : Satia kawan
·
Ginanjar : Satia kawan
·
Bapa Ochank : Bijaksana
·
Ema Ochank : Bageur
·
Mang Santa : Bageur,berehan
·
Si koros : Soleh
2)
Jenis Tema : Sosial
3)
Alur : Alur maju
4)
Setting (galur jeung latar ) :
Di imah,pengkolan
jalan,kompleks parumahan anyar,buruan imah,kamar,dunya siluman (imah Mang
Santa,pesta Kademangan kalang baruang)
·
Setting waktu :
Pasosore,pasisiang,peuting,isuk
·
Setting Suasana :
5)Amanat :
Ringkesan
Novel Ochank
Ochank
teh ngaran panggilan hiji budak lalaki nu umurna kira-kira dua welas tahunan,cita-citana
jadi pangarang.Ari ngaran aslinamah Icang Sudrajat ngan manehna resep keneh
disebut Ochank sabab katelah gaya jeung dianggap ngetren.
Dihiji
waktu Ochank diajak ulin sasapedahan ku babaturana,anu ngaranna Hendra. Pas
ulin sasapedahan, Ochank ningali aya Oray nu dikepung ku loba barudak.Ochank
inget ka bapa na anu keur kasusahan gara-gara anak hayamna dihakan ku beurit,
Ochank hayang ngala eta oray keur ngusir beurit karunya ka bapana .Maksud
Ochank rek nulungan eta Oray kalahkah jadi bencana sukuna ka teunggeul ku awi
anu tungtungna aya pakuan.
Peutingna
Ochank jadi ngadadak paranas tiris sukuna nyanyautan malah jiga ngabarehan
deuih.Pas Ochank ditinggalkeun ku bapa jeung indungna aya hiji lalaki nyampeurkeun
Ochank.Lalaki eta ngomong rek ngalayad Ochank, cenah nganuhunkeun dumeh kamari
Ochank geus nulungan anak na. Si Ochank bingung da teu ngarasa kamari nulungan
sasaha. Lalaki eta ngajakan Ochank ka imahna, jang ngabuktikeun, tangtuna si
Ochank digandong ku emang, da suku na bareuh. Ochank di bawa ngajugjug kahandapeun
batu anu ngawing tea, geus aneh deui wae,sabab teu didagor teu naon.Lalaki eta
ngaranna Mang Santa, Ochank apal ngaran eta lalaki Mang Santa ti anu ngaliwat
anu ngasapa Mang Santa.
Saeunggeus
dibawa ka imah Mang Santa,Ochank ukur bisa palahak polohok,lantaran kakara
ngalaman dibawana ka imah anu kitu. Loba nu hayang di tanyakeun, tapi teuing
kudu anu mana heula. Mang Santa nyaritakeun yen, si Ochank geus nulungan anakna
si Koros, si koros teh oray hideung nu ditarambulan ku barudak tea . Ochank
masih keneh hulang huleng,teu ngarti.Mang Santa nyaritakeun yen Ochank dibawa
ka alam Siluman tapi Mang Santa teu boga maksud jahat ka Ochank ngan rek
nganuhunkeun hungkul jeung ngajelaskeun tentang pesta di kademangan.Kademangan teh nyaeta ngaran
kapangkatan anu jeneng pamingpin didieu,di alam siluman.Ochank beuki bingung.
Mang
Santa ngomong mun rek lalajo pesta engke ku Mang Santa disampeur. Ochank ukur
ngangguk.Peutingna Ochank dibawa ku Mang Santa ka pesta kademangan saacan
dibawa ka pesta kademangan, Ochank dikenalkeun ka anak mang Santa nu pangais
bungsu.
Anak
mang Santa anu ieu mah, beda pisan jeung rurupaan adina anu ieu mah jangkung
leutik carempenik,awakna ngalampayat,buukna ngarumbay nengahan tonggong.Geulis
mana jeung Ninon?Ochank ujug-ujug nanya kitu dina hatena.Ninon jeung Nyi mojang
sarua geulisna pikir manehna dina hate. Di pesta katenjo aya panggung jangkung.
Hanjakal, saha sahana anu aya dina panggung mah teu atra, lantaran kasapih ku
anggang.Ngan nu sidik,katenjo loba anu ngibing,piligenti.
Teu
lila Mang Santa ngomong yen Ochank rek dianteurkeun balik.Aya rasa hanjakal
waktu Mang Santa nyarita kitu hanjakal dumeh Ochank tacan wawawuhan jeung nyi
mojang,anakna Mang Santa.Ochank ngangguk. Samemeh diecagkeun tina gandongan Ochank
nanya mun maneh na hayang papanggih deui kudu kumaha carana?.Mang Santa mere
batu sagede kaleci marmer.Mun hayang papanggih batu eta tinggal dialungkeun ka
batu nawing tea.
Isuk
kana awak Ochank jadi cenghar.Ochank nyaritakeun pangalamanna anu peuting ka
alam dunya siluman jadi karangan jang Ninon.Pabeubeurang sabot manehna keur
ngadaweung di hareup babaturan sakelasna daratang,ngalayad.Babaturanna ngahaja
mawa majalah ngarah Ochank teu kesel cicing di Imah.Samulang
babaturanana,Ochank maca majalah babaturanana,ti si Ninon anu bawa beurang.Enya
wae eusina meuni rarame matak pogot dibacana.Lolobanamah nyaritakeun
patualangan ditempat anu langka kasaba.
Pasosorena
Ninon datang deui nepungan mawa karangan Ochank anu dijieun jang Ninon. Ninon
resep ka na karangan Ochank, sabab imajinasi na bisa jauh kitu, Ochank nyangkal
yen eta teh lain imajinasi tapi pangalaman pribadi.
Peuting
eta Ochank papanggih jeung mang Santa, si Koros, jeung nyi Mojang lain
imajinasi etateh. Barang ngadangu Ochank nyebut nyi Mojang, Ninon langsung
timburu. Ninon males mencrong Ochank. Ochank ngan ukur bisa gogodeg. Ninon oge
geus kitu mah luk we tungkul. Duanana, teu aya nu cacarita. Ngan dina dada
masing masing ngagalura rupa rupa rasa.
Tamat......................
Tidak ada komentar:
Posting Komentar