RAGINANG / RANGINANG
Raginang
teh nyaeta ngaran hiji kadaharan khas Sunda, kajieunan lembur tapi loba
orang kota ge nu laresep. Raginang nu ku urang loba
dikenal bentukna buleud jiga kurupuk padahal wangunna loba ti
kotak neupi ka buleud ge aya. Rasana ge rupa-rupa aya
anu amis aya anu asin.
Raginang
bisa didahar langsung atawa nu biasa di sebut cemilan,kadaharan leutik sapopoe. Atawa
bisa oge dicampur jadi deungeunna sangu. Di sentral
oleh-oleh Sunda loba nu ngarajual raginang. Alus ngarajual
raginang, ameh urang
batur nu datang ka tanah pasundan bisa apal yen raginang teh kadaharan asli
sunda. Mun geus arapaleun mah kan raginang jadi kasohor
jeung teu bisa di aku jadi kadaharan asli batur.
Raginang
moal eleh kanu ngaranna hot dog,hamburger,spagetti,maiyonase,karee,steak jeung
sajabana sabab raginang miboga rasa nu beda, rasana “kriuk-kriuk gurih” ceuk
barudak leutik mah. Jeung raginang mibogaan
khasiat nu gede nyaeta nambah tanaga sabab dijieuna tina beas ketan.
Sabenerna
ari ngajieun ranginang mah gampang,teu gampang soteh lamun teu di ajaran eta
oge ceuk anu ahli. Bahan – bahanna oge bisa
gampang dihontal ku urang salerea nyaeta beas ketan,uyah jang ranginang
asin,jeung gula jang ranginang amis.
Beres
digigihan beas ketan diseupan waktu namah tergantung lobana beas
ketan misalna beas ketan saparampat mah ukur 15 menit di
sepanna. Mun geus beres diseupan,angkat beas ketan tina
langseng tuluy langsung dicitak dina nyiru. Wangunnamah bebas kumaha kahayang
nu nyieun.
Nyiru nu geus di pinuhhan
ku citakkan di poe neupi ka garing. Jait mun geus garing. Mun geus garing mah raginang
teh siap digoreng jeung di pasarkeun
Tidak ada komentar:
Posting Komentar