Kamis, 06 Juni 2013

Nganalisis Novel Sunda (Ngaanalisis)


Pancen Bahasa Sunda
                                           Nganalisis Novel Sunda
‘Ochank’
   Karya : Tatang Sudarsono


Kelompok :
    Rida Alvi Rizkiana
   Nadilla Chitra F 
    Dewi Juliani
N. Denti Darlianti

                                     
                                                      
IX A


SEKOLAH MENENGAH PERTAMA NEGERI 13 TASIKMALAYA
Jalan.Letjen Ibrahim Adjie Km.02 Tasikmalaya


Ngaanalisis Novel Sunda “Ochank”
1)   Palaku jeung Watak :
·        Ochank : Someah,pinter,rajin,bageur,berehan
·        Ninon : Bageur,perhatian,berehan,timburuan
·        Hendra : Satia kawan
·        Marty : Satia kawan
·        Ginanjar : Satia kawan
·        Bapa Ochank : Bijaksana
·        Ema Ochank : Bageur
·        Mang Santa : Bageur,berehan
·        Si koros : Soleh
2)   Jenis Tema : Sosial
3)   Alur : Alur maju
4)   Setting (galur jeung  latar ) :
·        Setting tempat : 

 
Di imah,pengkolan jalan,kompleks parumahan anyar,buruan imah,kamar,dunya siluman (imah Mang Santa,pesta Kademangan kalang baruang)
·        Setting waktu :
   Pasosore,pasisiang,peuting,isuk
·        Setting Suasana :
5)Amanat  :
       




Ringkesan Novel Ochank
Ochank teh ngaran panggilan hiji budak lalaki nu umurna kira-kira dua welas tahunan,cita-citana jadi pangarang.Ari ngaran aslinamah Icang Sudrajat ngan manehna resep keneh disebut Ochank sabab katelah gaya jeung dianggap ngetren.
Dihiji waktu Ochank diajak ulin sasapedahan ku babaturana,anu ngaranna Hendra. Pas ulin sasapedahan, Ochank ningali aya Oray nu dikepung ku loba barudak.Ochank inget ka bapa na anu keur kasusahan gara-gara anak hayamna dihakan ku beurit, Ochank hayang ngala eta oray keur ngusir beurit karunya ka bapana .Maksud Ochank rek nulungan eta Oray kalahkah jadi bencana sukuna ka teunggeul ku awi anu tungtungna aya pakuan.
Peutingna Ochank jadi ngadadak paranas tiris sukuna nyanyautan malah jiga ngabarehan deuih.Pas Ochank ditinggalkeun ku bapa jeung indungna aya hiji lalaki nyampeurkeun Ochank.Lalaki eta ngomong rek ngalayad Ochank, cenah nganuhunkeun dumeh kamari Ochank geus nulungan anak na. Si Ochank bingung da teu ngarasa kamari nulungan sasaha. Lalaki eta ngajakan Ochank ka imahna, jang ngabuktikeun, tangtuna si Ochank digandong ku emang, da suku na bareuh. Ochank di bawa ngajugjug kahandapeun batu anu ngawing tea, geus aneh deui wae,sabab teu didagor teu naon.Lalaki eta ngaranna Mang Santa, Ochank apal ngaran eta lalaki Mang Santa ti anu ngaliwat anu ngasapa Mang Santa.
Saeunggeus dibawa ka imah Mang Santa,Ochank ukur bisa palahak polohok,lantaran kakara ngalaman dibawana ka imah anu kitu. Loba nu hayang di tanyakeun, tapi teuing kudu anu mana heula. Mang Santa nyaritakeun yen, si Ochank geus nulungan anakna si Koros, si koros teh oray hideung nu ditarambulan ku barudak tea . Ochank masih keneh hulang huleng,teu ngarti.Mang Santa nyaritakeun yen Ochank dibawa ka alam Siluman tapi Mang Santa teu boga maksud jahat ka Ochank ngan rek nganuhunkeun hungkul jeung ngajelaskeun tentang pesta  di kademangan.Kademangan teh nyaeta ngaran kapangkatan anu jeneng pamingpin didieu,di alam siluman.Ochank beuki bingung.
Mang Santa ngomong mun rek lalajo pesta engke ku Mang Santa disampeur. Ochank ukur ngangguk.Peutingna Ochank dibawa ku Mang Santa ka pesta kademangan saacan dibawa ka pesta kademangan, Ochank dikenalkeun ka anak mang Santa nu pangais bungsu.

Anak mang Santa anu ieu mah, beda pisan jeung rurupaan adina anu ieu mah jangkung leutik carempenik,awakna ngalampayat,buukna ngarumbay nengahan tonggong.Geulis mana jeung Ninon?Ochank ujug-ujug nanya kitu dina hatena.Ninon jeung Nyi mojang sarua geulisna pikir manehna dina hate. Di pesta katenjo aya panggung jangkung. Hanjakal, saha sahana anu aya dina panggung mah teu atra, lantaran kasapih ku anggang.Ngan nu sidik,katenjo loba anu ngibing,piligenti.
Teu lila Mang Santa ngomong yen Ochank rek dianteurkeun balik.Aya rasa hanjakal waktu Mang Santa nyarita kitu hanjakal dumeh Ochank tacan wawawuhan jeung nyi mojang,anakna Mang Santa.Ochank ngangguk. Samemeh diecagkeun tina gandongan Ochank nanya mun maneh na hayang papanggih deui kudu kumaha carana?.Mang Santa mere batu sagede kaleci marmer.Mun hayang papanggih batu eta tinggal dialungkeun ka batu nawing tea.
Isuk kana awak Ochank jadi cenghar.Ochank nyaritakeun pangalamanna anu peuting ka alam dunya siluman jadi karangan jang Ninon.Pabeubeurang sabot manehna keur ngadaweung di hareup babaturan sakelasna daratang,ngalayad.Babaturanna ngahaja mawa majalah ngarah Ochank teu kesel cicing di Imah.Samulang babaturanana,Ochank maca majalah babaturanana,ti si Ninon anu bawa beurang.Enya wae eusina meuni rarame matak pogot dibacana.Lolobanamah nyaritakeun patualangan ditempat anu langka kasaba.
Pasosorena Ninon datang deui nepungan mawa karangan Ochank anu dijieun jang Ninon. Ninon resep ka na karangan Ochank, sabab imajinasi na bisa jauh kitu, Ochank nyangkal yen eta teh lain imajinasi tapi pangalaman pribadi.
Peuting eta Ochank papanggih jeung mang Santa, si Koros, jeung nyi Mojang lain imajinasi etateh. Barang ngadangu Ochank nyebut nyi Mojang, Ninon langsung timburu. Ninon males mencrong Ochank. Ochank ngan ukur bisa gogodeg. Ninon oge geus kitu mah luk we tungkul. Duanana, teu aya nu cacarita. Ngan dina dada masing masing ngagalura rupa rupa rasa.
Tamat......................

Tidak ada komentar:

Posting Komentar