Rabu, 05 Juni 2013

Raginang


RAGINANG / RANGINANG
Raginang teh nyaeta ngaran hiji kadaharan khas Sunda, kajieunan lembur tapi loba orang kota ge nu laresep. Raginang nu ku urang loba dikenal bentukna buleud jiga kurupuk padahal wangunna loba ti kotak neupi ka buleud ge aya.  Rasana ge rupa-rupa aya anu amis aya anu asin.
Raginang bisa didahar langsung atawa nu biasa di sebut cemilan,kadaharan leutik sapopoe. Atawa bisa oge dicampur jadi   deungeunna sangu. Di sentral oleh-oleh Sunda loba nu ngarajual raginang. Alus ngarajual raginang,  ameh urang batur nu datang ka tanah pasundan bisa apal yen raginang teh kadaharan asli sunda. Mun geus arapaleun mah kan raginang jadi kasohor jeung teu bisa di aku jadi kadaharan asli batur.
Raginang moal eleh kanu ngaranna hot dog,hamburger,spagetti,maiyonase,karee,steak jeung sajabana sabab raginang miboga rasa nu beda, rasana “kriuk-kriuk gurih” ceuk barudak leutik mah. Jeung raginang mibogaan khasiat nu gede nyaeta nambah tanaga sabab dijieuna tina beas ketan.
Sabenerna ari ngajieun ranginang mah gampang,teu gampang soteh lamun teu di ajaran eta oge ceuk anu ahli. Bahan – bahanna oge bisa gampang dihontal ku urang salerea nyaeta beas ketan,uyah jang ranginang asin,jeung gula  jang ranginang amis.
 




Pancen Basa Sunda
“Bahasan”

Wasta :
  Rida Alvi Rizkiana
 Widya Fauziah
 Nadilla Chitra F
 Neng Devi Fitriani


IX A

Langkah kahijina nyaeta beas ketan di siksikkan sina bersih tina cangkang, ari cara ngasiksikkan namah sarua we jeung nyiksikkan beas . Tuluy mun geus beresih,beas ketan di gigihan jeung ditambahan bumbu, ranginang amis mah ditambahan gula ari ranginang asin mah ditambahan uyah.
Beres digigihan beas ketan diseupan waktu namah tergantung lobana beas ketan misalna beas ketan saparampat mah ukur 15 menit di sepanna. Mun geus beres diseupan,angkat beas ketan tina langseng tuluy langsung dicitak dina nyiru. Wangunnamah bebas kumaha kahayang nu nyieun.
Nyiru nu geus di pinuhhan ku citakkan di poe neupi ka garing. Jait mun geus garing. Mun geus garing mah raginang teh siap digoreng jeung di pasarkeun

Tidak ada komentar:

Posting Komentar